Ngocoblak

Eureunan Nguyup Cikokobok #368

kieu dongengna

andrypein.net : Keur usumna jaman kuliah mun teu salah harita teh basa saacan sekeripsi kitu, keur kerja praktek teuing keur tugas akhir.

Apal meureunan nya didinya da eusi tulisan ieu lolobana nyaritakeun coding delphi pascal cenah, tah kami ge sok ngaskus aktip pisan dina forum programmer, deuh gaya we lah.

Share-share kaditu kadieu tatanya sagala rupa sangkan hayang bisa jadi progremer anu jagoan (da harita mah kami teh hayang ngaleukeunan dunia koding), ayeuna mah teu ngoding deui uing na, jadi ENJINER we.

Enya, ngaskus harita teh aya nickname anu sok nga-reply wae lamun saya posting teh nyaeta “pegasus”, anjeuna hebat we lah, kabeneran kami keur aya karipuh dina neangan referensi jang tugas kuliah pribadi.

RIeut sirah nu aya harita neangan kumaha carana ngoding menu hak akses dina delphi jeung database na.

Kulantaran kagok dina reply-an online mah ah diniatan we kumaha lamun ketemuan di dunia nyata  we lah, alhamdulillah si bapa orang Bandung jeung terbuka, ahirna kenging we tah kontak nomer hape na.

Braaay geningan tah caang, ahirna ieu barudak tiluan (urang, si hari jeung si ipan) ngarencanakeun cuang arindit we ka bandung bari nimba elmu bari ulin.

Namina pa Deni, urang Antapani, janjian poe teuing poho harita poe naon pokonamah dengan berbekal gogel maps di hape yang sangat kentang akhirnya kami bertiga sampai di rumah beliau pas magrib.

Abong arurang teh da budak kuliahan nya, mmmmhhhh da kantenan atuh kami nganggap na asa siga bimbingan murid jeung dosen we, obrolan teh nyambung da kumaha urang sunda mah raresep heureuy jeung gampang akrabna.

Ngocoblak kaditu kadieu, tina nyaritakeun awal ngaskus, masalah hirup, perkuliahan jeung sajabana jol we celetuk si bapa teh :

“Matakna eureunan nguyup cikokobok jeung eureunan noongan nini-nini nu keur mandi”.

Eta pamungkas, geus heup repeh, ieu tiluan moal poho kecap kalimat eta jeung dipake keneh ku kami nepi ka ayeuna lamun ngobrol.

langsung we jebrakeun mun ngobrol hareupeun beungeut atawa dina grup watsap kitu “ah da sia mah loba teuing nguyup cikokobok”, misalna.

Nuhun ah pa, katampi kaanggo pisan elmu ngoding sareng heureuyna, mugi bapa sareng sakeluarga aya dina kaayaan sehat, amiin.

Beres ti si bapa teh balik jam 9 an kitu, urang ngendong di si Hari di Lembang, hehe.

*AFK

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button