Ngocoblak

Barisa Basa Sunda Teu? Saralah Keneh Wae #423

cik atuh

andrypein.net : Ah da kumaha kudu di gas, soalna piraku atuh lah ieu fénomena hayoh waé nyalahan, masalahna baheulana dialajar basa sunda kan, nyarakolana bener teu?

Punten, simkuring sanés badé janten anu pang “bener” na dina ieu caritaan, tapi aya nu ngaganjel anu geregeteun pisan upami diperhatoskeun mah, naon cenah?

Kieu ujang, ncéng, nyai, sok saralah kénéh wae atuh narulis apdét status téh, conto aya kecap “lempeng”, maenya ditarulis “leumpeung atawa lempeung”, cik éta lembur timana manéh?

LEUPEUT lain LEPET.

Tong kasinggung ah da simkuring mah sok resep heureuy.

Aya deui kecap anu bener-bener dina sundana “BAHEULA“, tapi ditulis “BAHELA“, euy, lain kitu, salah eta.

Yeuh, hasil surpéy kami nya tingali :

basa sunda

Tos jelas kan “harepan” jeung “hareupan” mah geus béda harti atuh, nulis béda hartina ge béda, dadasar na mah angger da vokal sunda téh lain a i u e o, tapi a i u e é eu o.

Matak aya é curek oge atawa aya conto gampang nu sejen na mah siga aya kecap apel aya apél, tah éta geus beda hartina.

Da kumaha niatna gé ngémutan, sanés ngajak paséa, ngémutan mana anu leres mana anu lepat, siga ieu deui yeuh.

Naha tina geus bener “ngambek“, jol ujug-ujug “ngambeuk“, timana éta gusti????

Atau nu gampil we kadang kecap BEUNGEUT, da aya kénéh anu nulis na “BENGEUT“, duh ampun nya.

Nya mugi we dina ngocoblak ieu tiasa ngoreksi dina tatanan nulis kecap basa sunda upami aranjeun sok arapdét status dina sosméd masing-masing.

Sok cik kira-kira naon deui kecap-kecap séjén anu sok disalahkeun, mangga komen dihandap.

*AFK

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button